Minggu, 17 Juli 2022

NOVEL

 NOVEL



( Materi Bahasa Sunda Kelas 9 )

Kecap novel asalna tina basa latin, novus anu hartina anyar.  Ieu kecap robah jadi novellus, terus robah deui jadi novel. Pangna dihartikeun anyar. lantaran wangun novel dina sastra Éropa téh béh dieu lamun dibandingkeun jeung roman.

Novel nya éta carita anu sifatna panjang dina wangun lancaran.  Jalan caritana loba bagian-bagianana, kitu deui palakuna bisa disebut loba. Atuh mangsa anu kacaturna ogé lila. Dina novel mah langka aya kajadian nu sifatna pamohalan. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian téh kaayaanana bisa ditarima ku akal. 

Bédana roman jeung novel, roman mah nyaritakeun tokoh ti mimiti ti keur leutik nepi ka maotna, nu ngawengku carita sapanjang hirup tokoh. Sedengkeun dina novel sering dihartikeun kahirupan hiji jalma, saperti masa rumaja diteruskeun kana jenjang perkawinan, atawa bagian kahirupan hiji tokoh nu ngalaman krisis dina jiwana nepi ka réngséna, jeung saterusna.

Dumasar kana ancoanana, novel dibagi 4, novel pikeun barudak, novel rumaja, novel dewasa, jeung novel umum

Mekarna novel dina sastra Sunda natrat teu pegat-pegat.  Novel munggaran medal dina taun 1914. Judulna Baruang Ka Nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, penerbit Balai Pustaka.  Dibandingkeun jeung Novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Mérari Sirégar nu terbit dina taun 1920, novel dina sastra Sunda medal leuwih tiheula.

Pangarang novel jeung karyana, diantarana:

 

1.       Yus Rusyamsi :   Randa Béngsrat, Pileuleuyan Dédéh, Wilujeng Enjing.

2.       Ki Ummat (Ki Umbara jeung SA. Hikmat) :  Pahlawan-pahlawan ti Pasantrén

3.       Min Resmana   :  Neangan Bapa, Napsu nu Matak Kaduhung, Imah nu Réa Kamarna

4.       Karna Yudibrata: Nganti-nganti Dawuh

5.       Aa Amilia         : Asmara Ngambah Sagara, Samagaha.

6.       Nanie Sudarma :  Pamuda Désa, Sekar Ligar di Tétélar, Mojang Kota.

7.       Eddi Tarmidi    :  Meunang Geusan Muntang, Wangsit Prabu Siliwangi.

8.       MI. Adiwijaya  :  Laksana

9.       Ayat Rohaédi    :  Kabogoh Téré

10.   Ahmad Bakri    :  Nu Sengit Dipulang Asih,Sarangéngé Surup Mantén, Payung Butut, Jurutulis Malingping, jst.

 

Unsur-unsur Novel

  a . Téma

     Téma   nya éta   jiwa   pangarang nu jadi patokan poko pangarang dina ngagelarkeun 

     carita.

 b. Palaku

Palaku nya éta tokoh-tokoh nu ngalalakon. Palaku ngabogaan watek atawa karakter séwang-séwangan.

Palaku protagonis  nya éta palaku nu boga watek pikaresepeun (picontoeun)

. Palaku antagonis  nya éta palaku nu boga watek teu pikaresepeun (pieunteungeun), upamana    cunihin, galak, deleka, hasud, panjang leungeun, jst.

Dina ngagambarkeun tokoh atawa palaku carita, pangarang sok ngagunakeun rupa-rupa cara :

a)       Watek atawa karakter tokoh langsung dicaritakeun ku pangarang. Contona : si A téh bageur, soméah handap asor, jst.

b)      Watek atawa karater tokoh  ngaliwatan omongan tokoh-tokoh liana, biasana bakal kapanggih dina paguneman.

c)       Watek atawa pasifatan tokoh kapanggih tina tingkah lakuna atawa paripolah tokohna sorangan dina suasana anu tangtu. Upamana gedé ambek, teuteunggeul atawa nyiksa sato.

c. Alur

Alur mangrupa jalan carita, kajadian nu dilalakonkeun. Alur aya tilu rupa : Alur maju, mundur, jeung campuran (mobok tengah). Alur maju nya éta jalan carita anu nyusun ti awal kajadian nepikeun ka réngséna lalakon, ngaruntuy dumasar urutan waktu. Alur mundur nya éta jalan carita nu ngaheulakeun tungtung lalakon, tuluy nyaritakeun kajadian ti mimitina. Ari alur mobok tengah ngamimitian carita ti tengah-tengah, tuluy nyaritakeun kajadian mimiti sarta dipungkas ku tungtung kajadian.

 d. Latar

Latar dina carita pondok ngaragum :  latar waktu, latar tempat jeung latar suasana. Dina latar tempat aya nu disebutkeun kalawan jéntré aya ogé nu disebutkeun  kurang jéntré saperti singkatan. Latar waktu ku cara nyebutkeun langsung atawa dijéntrékeun ku kaayaan waktu harita. Isuk, soré, peuting, jam 5, jsté. Latar suasana ngébréhkeun kaayaan nu digambarkeun ku pangarang, misalna suasana hégar,  pikasediheun, pikahariwangeun , jsté.

Dina ngaprésiasi sastra biasana unsur luar ieu dibuktikeun ku sempalan atawa cutatan carita tina carita pondok nu keur dianalisis..

e. Amanat

      Amanat téh mangrupa hal-hal penting nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca, ngaliwatan paripolah tokoh nu digambarkeun dina carita.

   Contona :

a.       Urang téh kudu hirup jujur lantaran anu jujur mah pasti pinanggih jeung kabagjaan, sabalikna  lamun urang nyieun codéka tangtu pinanggih jeung balai saperti anu dicaritakeun dina novel di luhur;

b.       Urang kudu nurut kana papatah indung, lantaran lamun bahula tinangtu bakal katalangsara saperti carita di luhur.

 f. Gaya Pangarang

Gaya nu dimaksud di dieu nya éta cara pangarang dina medar carita. Kaparigelan pangarang dina ngarakit basa pikeun ngébréhkeun maksud anu dituju. Gaya pangarang di antarana :

  1. Dina ngébréhkeun caritana :  aya nu saujratna aya oge nu dipapaés tur murwakanti;
  2. Dina ngagunakeun basana : aya nu basajan, sederhana  aya nu rumit;
  3. Dina ngagunakeun basana : aya nu parondok aya ogé nu panjang ngayayay.

g. Juru carita (point of view)

    Nu dimaksud juru carita nya éta posisi nu ngarang dana mawakeun carita.

 

1)      Stuktur Teks Novel

      Struktur carita novel diwangun ku :

1.       Eksposisi (tahap  ngenalkeun, bubuka) ;

2.       Komplikasi (insiden munggaran) ;

3.       Konflik ;

4.       Klimaks

5.       Ngarengsekeun masalah

6.       Kaputusan pamungkas

 

2)      Aspek Basa dina  Teks Novel

a)       Basa nu digunakeun dina novel nya éta basa lancaran (wangun lancaran) tapi di sagigireun éta sok kapanggih wangun ugeran. Wangun ugeran dina novel sok diselapkeun dina wangun lancaran, contona pupuh atawa sisindiran. Pungsi wangun ugeran ieu nya éta pikeun ngantebkeun jalan carita atawa pikeun ngantebkeun hiji kaayaan. Wangun ugeran dina novel sok kapanggih dina paguneman, surat, nyontokeun, ngagambarkeun hiji tempat, jsté.

b)      Basa dina novel dibébérés tur puguh éntép seureuhna jeung diréka nepika katémbong ma’na karanganana, nya éta maksud nu dikandung karangan. Tangtu baé basa téh dipilih pikeun ngawakilan maksud pangarang sangkan nengel kana tujuan tur maksud pangarang.

c)       Tina basa nu digunakeun bakal kapanggih gaya pangarang dina medar carita. Gaya pangarang nu geus kahot jadi ciri mandiri pangarang nu béda jeung gaya pangarang séjén. Gaya Syarif Amin dina medar carita bakal béda jeung gaya Ahmad Bakri. Kitu deui gaya pangarang jeung nu séjénna bakal béda saperti gaya Aam Amilia, MA. Salmun, Yus Rusyamsi, Iskandarwassid, jsté.

Basa nu digunakeun dina novel barudak bakal béda jeung basa nu digunakeun dina novel rumaja atawa dewasa. Umumna novel barudak atawa rumaja, kecap-kecap nu disusun dina wangun kalimahna basajan, parondok, jeung sipatna sapopoé dipaké. Ku kituna, eusi novelna téh babari kahartina.

KALIMAH DESKRIPSI KAMPUNG ADAT

 KALIMAH DESKRIPSI KAMPUNG ADAT



( Materi Bahasa Sunda Kelas 9 )

             Déskripsi nya éta karangan basa lancaran anu ngagambarkeun hiji hal kalawan tétéla. Perkara anu jadi jejerna mah bisa rupa-rupa. Bisa ngeunaan barang, kaayaan, kajadian, tokoh carita, jelema, hal, jsté.

Kulantaran aya sarat kudu tétéla téa, umumna karangan déskripsi kudu maliré kana tilu hal, nya éta :

1.       Sistematis

Bagian-bagian gambaran téh kudu nyusun. Puguh éntép seureuhna. Mana anu kudu diheulakeun  jeung mana anu kudu dipandeurikeun, sarta antara bagian-bagian téh merenah pakaitna.

2.       Ngawincik

Dina keur ngagambarkeun kaayaan téh, gemet nataan aspék-aspékna. Tapi, lain hartina kudu ngagambarkeun sakabéh aspékna téa taya kaliwat. Utamana mah, éta wincikan téh nyukupan pikeun ngahontal gambaran anu jadi tujuan karangan.

3.       Diksi (pilihan kecap)

Dina keur  ngagambarkeun kaayaan téa, gunakeun kecap-kecap anu merenah tur istilah-istilah anu geus maneuh. Maksudna  sangkan gambaran téh écés, tembres, tétéla, henteu nimbulkeun salah harti atawa salah gambaran.

 

·            Struktur Téks Déskripsi

1.       Bubuka

2.       Eusi

3.       Panutup

·         Basa dina Téks Déskripsi

Basa nu digunakeun dina téks déskripsi nya eta basa lancaran (wangun lancaran) lain wangun ugeran.

Basa dina téks déskripsi dibébérés tur puguh entep seureuhna jeung diréka nepika katémbong ma’na karanganana, nya éta maksud nu dikandung karangan. Tangtu baé basa téh dipilih pikeun ngawakilan maksud pangarang sangkan nengel kana tujuan tur maksud pangarang.

Basa nu digunakeun dina téks déskripsi kecap-kecap nu disusun dina wangun kalimahna basajan, parondok, jeung sipatna sapopoé dipaké. Ku kituna, eusi téks déskripsi téh babari kahartina. Ngahindarkeun istilah asing, dina kapaksa ngagunakeun istilah asing gé sok diterangkeun maksudna.

Conto Biantara Paturay Tineung

 

BIANTARA PATURAY TINEUNG

 

Assalamualikum warohmatullohi wabarokatuh,

Alhamdulillah wasyukurillah. Sadaya puji kagungan Allloh, anu parantos masihan kasempetan ka urang sadaya kanggo ngariung di ieu tempat. Solawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kulawargina, para sohabatna, sareng umatna dugi ka ahir jaman.

Ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara nu parantos masihan waktos ka sim kuring pikeun ngadugikeun ieu biantara. Sim kuring ngaraos bingah dipasihan kapercantenan sapertos kieu.

Bapa Kepala Sekolah nu ku sim kuring dipihormat, Bapa-ibu guru  nu ku sim kuring dipihormat, Kanca mitra réréncangan saangkatan sareng adi-adi kelas nu ku sim kuring dipideudeuh-dipitineung,  Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,

Langkung ti payun sim kuring badé nyuhunkeun dima’lum, bilih dina salebeting sasanggem, resag basana mawur caturna, teu ninggang tatabasana, teu puguh éntép seureuhna, kawantos sanés ahlina. Katambih ku kasedek ku rupi-rupi rasa nu gumuruh minuhan dada; aya bungah pacampur jeung sedih, rasa waas kagagas paselang jeung kahariwang, tos puguh katineung mah miheulaan ngalangkang dina ciciptan.

Bapa Kepala Sekolah nu ku sim kuring dipihormat, Bapa-ibu guru  nu ku sim kuring dipihormat, sim kuring sadayana wangkid ieu gaduh rupi-rupi piunjuk anu badé dihaturkeun.

Kahiji, unjuk hatur nuhun, wiréh sim kuring sadayana kebek ku karumaosan tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo-balilu teuing. Ieu téh teu aya sanés, anging ku panungtun sareng pangatik pangersa Bapa miwah Ibu sadaya. Dina leresan ieu, kanggo sim kuring éstu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakéunana. Kedah kumaha sareng kedah ku naon atuh sim kuring sadayana nya mulang tarima. Da moal aya harta dunya anu kurup saimbang sareng kasaéan pangersa Bapa miwah Ibu sadaya ka sim kuring. Sim kuring mung tiasa jumerit ka Gusti Nu Maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaéan ka para guru abdi sadaya, anu parantos kahéséan, kacapéan, karungsingan-kapusingan, dina enggoning ngatik-ngadidik abdi sadaya. Amin, amin ya Robbal Alamin.

Kadua, Sim kuring sadaya neda dihapunten ka Bapa-ibu sadaya. Neda dihapunten ti luhur satungtung rambut ti handap sahibas dampal, wiréh sim kuring sadaya rumaos jadi manusa, moal luput tina kalepatan. Kalepatan sim kuring sadaya, boh nu karaos boh nu teu karaos, neda dihapunten ku galih nu wéning, ku manah-manah nu sétra. 

Katilu, Sim kuring sadaya neda jiad pangdu’a ti  Bapa-Ibu sadaya boh nu neraskeun sakola boh nu henteu,  mugia tiasa ngamangpaatkeun élmu anu nu katampi ti  Bapa-Ibu sadaya. Sing tiasa jadi jalma anu aya gunana kanggo balaréa, sumawonten kanggo pribadina. Sakirang-kirangna atuh ulah jadi jalma anu ngarugikeun batur.

Éta rupina piunjuk sim kuring sadayana ka Bapa-Ibu sadayana.

Robbana atina fi dunya hasanah wa fil akhiroti hasanah wa qina adza ban-nar.

Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

BIANTARA

 

BIANTARA

( Materi Bahasa Sunda Kelas 9 )

Biantara nya éta prosés nepikeun maksud (ide, pikiran, kahayang, kereteg haté) ti hiji jalma ka jalma lian (masarakat) kalawan ngagunakeun média lisan, anu dipiharep nu ngadéngékeunana ngarti kana maksud nu rék nu ditepikeunanana.

Ku kituna, hal penting dina ieu prosés nya éta ;

a.       aya pihak nu nepikeun maksud;

b.       aya pihak nu narima maksud (pamirsa);

c.       alat nu digunakeun nya éta basa lisan

d.   maksud nu rék ditepikeun kaharti ku pihak séjén nu ngadéngékeunana

Struktur Téks  Biantara

  1. Salam bubuka
  2. Pangbagéa (kata sapaan)
  3. Bubuka biantara
  4. Pangbagéa randegan
  5. Eusi biantara
  6. Panutup biantara
  7. Salam panutup

 

No

Struktur Biantara

Eusi Biantara

1

Salam bubuka

Assalamualikum warohmatullohi wabarokatuh,

2

Pangbagéa

Bapa Kepala Sekolah nu ku sim kuring dipihormat, Bapa-ibu guru  nu ku sim kuring dipihormat, Kanca mitra réréncangan saangkatan sareng adi-adi kelas nu ku sim kuring dipideudeuh-dipitineung,  Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,

3

Bubuka biantara

Alhamdulillah wasyukurillah. Sadaya puji kagungan Allloh, anu parantos masihan kasempetan ka urang sadaya kanggo ngariung di ieu tempat. Solawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kulawargina, para sohabatna, sareng umatna dugi ka ahir jaman.

Ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara nu parantos masihan waktos ka sim kuring pikeun ngadugikeun ieu biantara. Sim kuring ngaraos bingah dipasihan kapercantenan sapertos kieu.

4

Pangbagéa randegan

Bapa Kepala Sekolah nu ku sim kuring dipihormat, Bapa-ibu guru  nu ku sim kuring dipihormat,

5

Eusi biantara

Kahiji, unjuk hatur nuhun, wiréh sim kuring sadayana kebek ku karumaosan tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo-balilu teuing. Ieu téh teu aya sanés, anging ku panungtun sareng pangatik pangersa Bapa miwah Ibu sadaya. Dina leresan ieu, kanggo sim kuring estu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakéunana. Kedah kumaha sareng kedah ku naon atuh sim kuring sadayana nya mulang tarima. Da moal aya harta dunya anu kurup saimbang sareng kasaéan pangersa Bapa miwah Ibu sadaya ka sim kuring. Sim kuring mung tiasa jumerit ka Gusti Nu Maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaéan ka para guru abdi sadaya, anu parantos kahéséan, kacapéan, karungsingan-kapusingan, dina enggoning ngatik-ngadidik abdi sadaya. Amin, amin ya Robbal Alamin.

Kadua, Sim kuring sadaya neda dihapunten ka Bapa-ibu sadaya. Neda dihapunten ti luhur satungtung rambut ti handap sahibas dampal, wiréh sim kuring sadaya rumaos jadi manusa, moal luput tina kalepatan. Kalepatan sim kuring sadaya, boh nu karaos boh nu teu karaos, neda dihapunten ku galih nu wéning, ku manah-manah nu sétra.

Katilu, Sim kuring sadaya neda jiad pangdu’a ti  Bapa-Ibu sadaya boh nu neraskeun sakola boh nu henteu,  mugia tiasa ngamangpaatkeun élmu anu nu katampi ti  Bapa-Ibu sadaya. Sing tiasa jadi jalma anu aya gunana kanggo balaréa, sumawonten kanggo pribadina. Sakirang-kirangna atuh ulah jadi jalma anu ngarugikeun batur.

6

Panutup biantara

Éta rupina piunjuk sim kuring sadayana ka Bapa-Ibu sadayana.

Robbana atina fi dunya hasanah wa fil akhiroti hasanah wa qina adza ban-nar.

7

Salam panutup

Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

 

Pungsi Sosial

     Nurutkeun eusi pedaranana, pungsi sosial biantara, diantarana :

·      Ngarojong; (méré sumanget, dorongan moral)

·      Ngayakinkeun; (mangaruhan kayakinan jeung pikiran pamilon)

·      méré nyaho (nambah pangaweruh) 

·      milampah, (méré kaparigelan pamilon)

·      ngahibur (ngagumbirakeun pamilon)

 

Basa nu Digunakeun

     Dina prakna biantara, urang kudu mibanda kaparigelan dasar biantara, diantarana :

  1. mampu ngungkabkeun pikiran kucara lisan kalawan lancar;
  2. ngawasa basa nu merenah disaluyukeun jeung pamirsa;
  3. kawani tampil di hareupeun jalma loba.

 

Ciri-ciri biantara nu hadé :

  1. ngandung tujuan nu jéntré;
  2. eusi biantara hal nu bener;
  3. basa nu digunakeun saluyu jeung kondisi pamilon;
  4. basa nu digunakeun dina nepikeun biantara ngaruntuy (puguh éntép seureuhna), ngirut tur matak pogot ka nu   ngadéngékeunana.

 

Metode biantara

  1. Impromtu, spontan, serta merta;
  2. Maca naskah;
  3. Ngapalkeun, memoriter;
  4. Ekstemporal, nuliskeun poko-poko pedaran

 

      Léngkah-léngkah biantara

  1. Nangtukeun topik jeung tujuan;
  2. Ngumpulkeun bahan
  3. Milih jeung milah bahan
  4. Ngalenyepan materi (kasaluyuan jeung kondisi paregep)
  5. Nyusun matéri biantara
  6. Latihan biantara

Nepikeun Biantara

  • Eusi luyu jeung acara anu lumangsung;
  • Ditepikeun kalawan jéntré, matéri ngaguluyur, kecap jeung kalimah diucapkeun kalawan béntés, lentong jeung volume sora merenah, basa teu matak nyigeung ka nu ngabandunganana;
  • Sikep tenang jeung wajar;
  • Kudu merhatikeun waktu  nu disadiakeun