Minggu, 17 Juli 2022

Materi Kaulinan Barudak

 

A.    Kaulina Barudak

         Kaulinan barudak nya éta rupaning kaulinan nu sok dilaksanakeun ku barudak, boh barudak lalaki boh barudak awéwé. Tempatna rupa-rupa : di tepas imah, di buruan, digardu ronda, di sawah, di leuwi bari mandi, di lapangan, atawa di mana baé. Jumlah pamaén biasana lobaan, utamana nu méh saumur atawa saumur supa. Aya nu maén téh lalaki wungkul, aya kaulinan barudak nu dimaénkeun ku awéwé wungkul, aya deui nu campuran antara budak lalaki jeung budak awéwé. Minimalna dina kaulinan barudak, duaan.

         Fungsi sosial dina ieu kaulinan nya éta diajar komunikasi, tur hirup ’bermasyarakat”, tangtu baé aya géséh atawa gésékan salila ulin, paréa-réa omong, malah sok nepi ka gelut sagala. Tapi, justru tina ieu gésékan barudak bisa ngaréngsékeun masalahna kucara maranéhanana sorangan. Jarang aya papaséan anu lila. Béda jeung kolot. Ku kituna, manéhna dididik pikeun dewasa, dididik sabar, hirup sauyunan, silihajénan, mentingkeun umum tibatan diri sorangan, nahan hawa napsu, gawé bareng, sportif, parigel, cerdas dina mutuskeun hiji perkara, jsté. Bari dibuntel dina kaayaan ulin suka bungah, gumbira.

         Kaulinan barudak ogé ngabogaan fungsi hiburan, numuwuhkeun kaparigelan, lomba, olahraga, tur ngadidik sipat jujur tur sonagar.  Malah dina kaulinan barudak pisan, watek jeung pasipatan hiji budak bakal katempo. Ieu watek jeung karakter téh bakal kabawa nepika dewasa.  

         Pamaén dina kaulinan barudak minimal duaan, saperti:  congkak, dam-daman, tatarucingan, békles, jsté. Aya ogé nu diwangun ku tilu pamaén saperti : pérépét jéngkol. Ngan kalolobaan kaulinan barudak mah ku lobaan. Utamana mah sok dibagi dua kelompok. Hiji kelompok ngalawan hiji kelompok deui.

         Dina kaulinan barudak kadangkala sok diselapan ku kakawihan. Kakawihan pungsina pikeun  néangan nu jadi ucing atawa mémang bagian tina éta kaulinan barudak téa. Conto kaulinan barudak nu aya kakawihanana diantarana : Ayag-ayang gung, Eundeuk-eundeukan lagoni, kungkurulung, tuktukbrung, cingciripit, ambil-ambilan, empét-empétan, oray-orayan, paciwit-ciwit lutung, jsté.

         Kakawihan pikeun néangan nu jadi ucing dina kaulinan barudak, diantarana kakawihan :  Hompimpah, suten, jingjiripit, kacang panjang-kacang pondok, jsté. Malah dina suten gé rupa-rupa carana : aya gunting-batu-keretas, aya cinggir-jempol-tutunjuk,jsté.

         Kaulinan barudak aya nu maké alat aya ogé anu henteu. Nu maké alat contona gatrik, sorodot gaplok, jujungkungan, békles, maén panggal, ngadu langlayangan, bedil lodong, pécle, jsté. Nu teu maké alat contona : hahayaman, ambil-ambilan, cingciripit, sepdur, jsté.


         Conto kaulinan barudak :    

      1.Ambil-ambilan               11. Sapintrong             21. Hong-hongan

      2.Cingciripit                      12. Ngadu kaléci         22. Oray-orayan

      3.Empét-empétan              13. Sumput beling       23. Sondah

      4.Galah                              14. Encrak                   24. Pris-prisan

      5.Gatrik                             15. Congkak                25. Cublek uang

      6.Hahayaman                    16. Damdaman            26. Surung munding

      7.Budug sumput                17. Engklé                   27. Peperangan

      8.Sepdur                            18. Gugunungan          28. Sorodot gaplok

      9.Jajangkungan                 19. Lalandakan            29. Ucing-ucingan

     10.  Balap karung               20. Babalonan              30. Pérépét jengkol, jsté


Ngajéntrékeun prosedur salah sahiji kaulinan barudak

·      Ngaran kaulinan     : Jajangkungan /jujungkungan

·      Jumlah pamaén       : Minimal duaan

·      Alat/pakakas           : Jujungkungan (dijieun tina awi atawa kai wangun tongkat), kira-kira 30 cm aya tempat tincakeun dampal suku.

·      Kakawihan             :  -

·      Kaidah/aturan maén : 

1)      Dijieun dua wates kalang (wates mimiti (start) jeung wates ahir;

2)      Pamaén siap-siap di kalang awal, bari nyekel jujungkungan; sabada dibéré aba-aba maju, pamaén naék kana jujungkungan maju ka kalang ahir terus balik deui ka kalang awal (start/finish)

3)      Nu labuh atawa sukuna nu nincak taneuh (lain nincak jujungkungan dianggap gugur)

4)      Pamaen nu gugur teu meunang milu maen deui;

5)      Nu meunang lamun terus nincak jujungkungan sarta pangheulana nepi ka finish.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar