1. Pedaran kawih
Kawih bagian tina kasenian Sunda nu diwangun ku dua
unsur. Unsur kasebut nya éta unsur seni musik jeung unsur seni sastra.
Unsur seni musik nu ngalahirkeun lagu, nada jeung wirahma nu fungsina pikeun pamirig. Sedengkeun seni sastra mangrupa
rumpaka atawa lirik laguna.
Kawih nyaeta rakitan basa sabangsa dangding anu henteu maké patokan pupuh. Kawih nu
medalna kabaheulaan, rumpaka kawih téh sok aya nu
diwangun ku sisindiran. Tapi
kabéhdieunakeun mah bébas, malah rumpaka kawih téh nyokot tina wangun sajak
atawa puisi.
Rumpaka nyaeta lirik lagu dina kawih. Nilik kana wujudna
mah, rumpaka kawih téh henteu béda jeung sajak. Rumpaka kawih téh saenyana
mémang sajak ngan pédah sok dihaleuangkeun atawa dikawihkeun. Atuh munasabah
lamun rumpaka kawih ngandung unsur-unsur puisi. Ku kituna diajar perkara
rumpaka kawih minangka salah sahiji wangunan puisi.
Istilah dina kawih :
1.
Jurukawih
atawa juru sekar : nu ngahaleuangkeun kawih
2. Juru sanggi : Jalma
nu nyiptakeun lagu atawa mélodi
lagu (notasi lagu)
3.
Juru rumpaka :
jalma nu husus ngaréka ungkara
rumpaka lagu.
4.
Ngawih : ngalagukeun kawih atawa sisindiran.
5.
Lagu nya éta susunan nada anu dipidangkeun saalus-alusna nepi ka éndah
katempona jeung genah kadéngéna. Lagu disebut ogé susunan ritme, panjang pondokna atawa ajén (harga) nada.
6.
Wangun ugeran, puisi, atawa sair anu dipaké midangkeun kawih, minangka katerangan tina téma atawa
lirik lagu disebut rumpaka kawih.
7.
Kamekaran saterusna tina kawih anu nadana
péntatonis sok disebut lagu pop.
Unsur–unsur dina kawih ngawengku unsur téks rumpaka kawih
jeung unsur kabahasaan. Unsur-unsur téks rumpaka kawih ngawengku : téma, nada, rasa, amanat, jeung
musikalitas. Sedengkeun unsur kabahasaanana ngawengku : gaya basa, harti dénotatif jeung harti konotatif.
A. Unsur téks rumpaka kawih
a. Téma
Téma asalna tina basa
Latin titéhnai anu hartina ‘tempat
neundeun hiji alat’. Pangna disebut kitu lantaran téma mangrupa ideu atawa
gagasan anu ngadadasaran hiji karya sastra, nu pungsina jadi puseur dina
nepikeun karya nu disusunna. Téma dina hiji kawih aya anu nyumput (tersirat)
aya ogé anu
ébréh (tersurat).
b. Rasa
Rasa
(feeling) mangrupa poet’s attitude toward his subject matter,
anu hartina sikep panyajak kana jejer pasualan anu aya dina puisina. Rasa dina rumpaka kawih bisa disebutkeun sikep nu nyieun rumpaka
kawih dina ngébréhkeun/nyaritakeun
kaayaan objék nu dipedar. contona simpati, konsistén, bungah, sedih,
keuheul, jsté.
c. Nada
Nada (tone)
mangrupa sikep panyajak ka pamaca atawa ka dirina sorangan. Nada nyoko kana warna émosional atawa
warna ma’na tina karya nu nulis. Sikep
nu nyieun rumpaka kawih, contona handap
asor, ngaguruan, ngadikté, persuasif, sinis, nyungkun, jsté.
d.
Amanat
Amanat
mangrupa
kapercayaan, pesen, pesenan, pihapé, popoyan, atawa talatah. Kitu deui amanat
dina kawih, nya éta pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca.
Pangarang boga tujuan atawa maksud tina rumpaka kawih nu dijieunna, boh tujuan
pikeun nyumponan kabutuh pribadi atawa nu séjénna, gumantung kana sawangan
hirup pangarang.
Amanat dina karya sastra,
kaasup rumpaka kawih, mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu
maca atawa nu ngaregepkeun.
e.
Musikalitas
Kawih bagian tina kasenian Sunda nu diwangun ku dua unsur. Unsur kasebut
nya éta
unsur seni musik jeung unsur seni sastra.
Unsur seni musik nu ngalahirkeun lagu, nada jeung wirahma nu fungsina
pikeun pamirig. Sedengkeun seni
sastra mangrupa rumpaka atawa lirik laguna.
B. Unsur basa
dina rumpaka kawih
Unsur basa dina kawih ngawengku
: gaya basa, kecap denotatif jeung kecap konotatif.
1) Pilihan kecap jeung Gaya basa
Basa dina kawih umumna dipasieup ku kecap-kecap
pinilih, anu ngandung harti anu jembar, beunghar ku siloka jeung murwakanti. Pilihan kecap nu
kieu téh disebut diksi. Pikeun ngantebkeun
maksud pangarang kadang sok diébréhkeun kucara ngagunakeun gaya basa.
Gaya basa nu umumna dipaké dina kawih diantarana :
a.
Mijalma
(personifikasi)
Ngabandingkeun
barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang-barang anu nyawaan
saperti jalma.
1) Gunung nguyung,
lebak milu susah.
2) Pucuk kalapa tingarulang ngagupayan anu angkat.
3) Angin peuting ngaharéwos kana ceuli.
4) Seuneu ngamuk
nguwak-ngawik ngaléntab ngénca-ngatuhu.
b.
Lalandian
(Métafora)
Gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang
jeung barang séjénna anu mibanda sipat anu sarua ku cara méré panglandi.
1) Sumangetna ngagugudag.
2) Geus jadi kembang
carita.
c.
Hiperbola
Ngayakinkeun nepi ka teu saluyu jeung
kanyataanana, atawa ngébréhkeun hiji hal kalawan kaleuleuwihi.
1) digawe satengah
paéh.
2) sawahna satungtung
deuleu.
3) gedongna jujul ka langit.
2) Ma’na Dénotatif jeung
Konotatif
Ilo dua kalimah di handap ieu !
a) Gambar daunna dipulas ku warna héjo.
b) Jang Fadél mah masih héjo kénéh.
Harti dénotatif nya éta harti nu mibanda harti
saujratna, henteu ngahudang pikiran jeung rarasaan séjén di luar harti séjén
saperti kecap héjo dina kalimah (a) sedengkeun harti héjo dina kalimah (b)
ngandung harti séjén nu lain harti saujratna (harti injeuman) nya éta nuduhkeun
yén Jang Fadél masih budak kénéh can loba kanyaho. Kalimah (a) ngabogaan harti dénonatif sedengkeun kalimah (b) kaasup
harti konotatif.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar