Minggu, 17 Juli 2022

Iklan Layanan Masarakat

 

Iklan layanan masarakat méh sarua jeung wawaran. Iklan layanan masarakat béda jeung iklan hiji produk. Lantaran iklan hiji produk mah miharep sangkan masarakat meuli kana éta produk nu diiklankeun kalayan dibibita ku kasiat jeung kagunaan éta produk. Sedengkeun iklan layanan masarakat mah teu miharep kauntungan.

         Iklan layanan masarakat  eusina umajak kana hiji pagawéan anu hadé atawa nyaram kana hiji pagawéan anu goréng akibatna.Dina iklan layanan masarakat geus jéntré maksudna sangkan masarakat weruh kana éta ajakan, panyaram, atawa iberan. Ku kituna, dina iklan layanan masarakat kadang-kadang sok diwuwuhan ku gambar jeung kalimah nu sakira-kirana kaharti ku masarakat.

         Anu masang iklan layanan masarakat nya éta pamaréntah, yayasan atawa hiji organisasi anu henteu néangan kauntungan. Iklan layanan masarakat ieu mindeng kapanggih di balé désa, kacamatan, puskesmas, rumah sakit, kantor pamarentah, jsté.

         Media tinulis anu sok dipake iklan layanan masarakat diantarana poster, spanduk, atawa baliho. Poster  : gambar atawa tulisan dina keretas atawa lawon tur dipasang di tempat umum, eusina méré iber, ajakan, atawa panyaram.Spanduk ;    informasi  nu eusina méré iber, ajakan, atawa panyaran nu dijieun tina lawon nu dipasang  di tempat umum; Baliho : informasi nu dijieun tina lawon atawa plastik, dipasang nangtung (vértikal), dipasang di tempat umum, sangkan masarakat kataji tur kapincut.

         Nurutkeun mediana, iklan layanan masarakat aya nu ngaliwatan média éléktronik saperti radio, TV, internét, aya ogé wangun tinulis ngaliwatan poster atawa spanduk. Wangun iklan layanan masarakat ngawengku iklan tinulis, iklan dina radio, jeung iklan dina televisi/internét.

         Nurutkeun eusina iklan layanan masarakat dibagi tilu :

  l  Pangajak

  l  Panyaram

  l  Méré nyaho (méré iber )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar