BIANTARA
( Materi Bahasa Sunda Kelas 9 )
Biantara nya éta prosés nepikeun
maksud (ide, pikiran, kahayang, kereteg haté) ti hiji jalma ka jalma lian
(masarakat) kalawan ngagunakeun média lisan, anu dipiharep nu ngadéngékeunana
ngarti kana maksud nu rék nu ditepikeunanana.
Ku kituna, hal penting dina ieu prosés nya éta ;
a.
aya pihak nu nepikeun maksud;
b.
aya pihak nu narima maksud
(pamirsa);
c.
alat nu digunakeun nya éta basa
lisan
d. maksud nu rék ditepikeun kaharti ku pihak séjén nu ngadéngékeunana
Struktur
Téks
Biantara
- Salam
bubuka
- Pangbagéa (kata sapaan)
- Bubuka
biantara
- Pangbagéa randegan
- Eusi
biantara
- Panutup
biantara
- Salam
panutup
|
No |
Struktur
Biantara |
Eusi
Biantara |
|
1 |
Salam bubuka |
Assalamualikum warohmatullohi
wabarokatuh, |
|
2 |
Pangbagéa |
Bapa Kepala Sekolah nu ku sim
kuring dipihormat, Bapa-ibu guru nu ku
sim kuring dipihormat, Kanca mitra réréncangan saangkatan sareng adi-adi
kelas nu ku sim kuring dipideudeuh-dipitineung, Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, |
|
3 |
Bubuka biantara |
Alhamdulillah
wasyukurillah. Sadaya puji kagungan Allloh, anu parantos masihan kasempetan
ka urang sadaya kanggo ngariung di ieu tempat. Solawat miwah salam mugia
tetep dilimpahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kulawargina, para
sohabatna, sareng umatna dugi ka ahir jaman. Ngahaturkeun nuhun
ka pangatur waktu pangjajap acara nu parantos masihan waktos ka sim kuring
pikeun ngadugikeun ieu biantara. Sim kuring ngaraos bingah dipasihan
kapercantenan sapertos kieu. |
|
4 |
Pangbagéa randegan |
Bapa Kepala Sekolah nu ku sim
kuring dipihormat, Bapa-ibu guru nu ku
sim kuring dipihormat, |
|
5 |
Eusi biantara |
Kahiji,
unjuk hatur nuhun, wiréh sim kuring sadayana kebek ku
karumaosan tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo-balilu
teuing. Ieu téh teu aya sanés,
anging ku panungtun sareng pangatik pangersa Bapa miwah Ibu sadaya. Dina
leresan ieu, kanggo sim kuring estu beurat nyuhun beurat nanggung beurat
narimakéunana. Kedah kumaha sareng kedah ku naon atuh sim kuring sadayana nya
mulang tarima. Da moal aya harta dunya anu kurup saimbang sareng kasaéan
pangersa Bapa miwah Ibu sadaya ka sim kuring. Sim kuring mung tiasa jumerit
ka Gusti Nu Maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaéan
ka para guru abdi sadaya, anu parantos kahéséan, kacapéan,
karungsingan-kapusingan, dina enggoning ngatik-ngadidik abdi sadaya. Amin,
amin ya Robbal Alamin. Kadua,
Sim kuring sadaya neda dihapunten ka Bapa-ibu sadaya. Neda dihapunten ti
luhur satungtung rambut ti handap sahibas dampal, wiréh
sim kuring sadaya rumaos jadi manusa, moal luput tina kalepatan. Kalepatan
sim kuring sadaya, boh nu karaos boh nu teu karaos, neda dihapunten ku galih
nu wéning, ku manah-manah nu sétra. Katilu,
Sim kuring sadaya neda jiad pangdu’a ti
Bapa-Ibu sadaya boh nu neraskeun sakola boh nu henteu, mugia tiasa ngamangpaatkeun élmu
anu nu katampi ti Bapa-Ibu sadaya.
Sing tiasa jadi jalma anu aya gunana kanggo balaréa,
sumawonten kanggo pribadina. Sakirang-kirangna atuh ulah jadi jalma anu
ngarugikeun batur. |
|
6 |
Panutup biantara |
Éta rupina piunjuk sim kuring
sadayana ka Bapa-Ibu sadayana. Robbana atina fi dunya hasanah wa
fil akhiroti hasanah wa qina adza ban-nar. |
|
7 |
Salam panutup |
Wassalamu alaikum warohmatullohi
wabarokatuh. |
Pungsi
Sosial
Nurutkeun
eusi pedaranana, pungsi sosial biantara, diantarana :
·
Ngarojong; (méré sumanget, dorongan
moral)
·
Ngayakinkeun; (mangaruhan kayakinan
jeung pikiran pamilon)
·
méré nyaho (nambah pangaweruh)
·
milampah, (méré kaparigelan
pamilon)
·
ngahibur (ngagumbirakeun pamilon)
Basa
nu Digunakeun
Dina prakna biantara, urang kudu mibanda kaparigelan
dasar biantara, diantarana :
- mampu ngungkabkeun pikiran
kucara lisan kalawan lancar;
- ngawasa basa nu merenah
disaluyukeun jeung pamirsa;
- kawani tampil di hareupeun
jalma loba.
Ciri-ciri
biantara nu hadé
:
- ngandung tujuan nu jéntré;
- eusi biantara hal nu bener;
- basa nu digunakeun saluyu
jeung kondisi pamilon;
- basa nu digunakeun dina
nepikeun biantara ngaruntuy (puguh éntép seureuhna), ngirut tur matak
pogot ka nu ngadéngékeunana.
Metode biantara
- Impromtu, spontan, serta merta;
- Maca naskah;
- Ngapalkeun, memoriter;
- Ekstemporal, nuliskeun poko-poko pedaran
Léngkah-léngkah
biantara
- Nangtukeun topik jeung tujuan;
- Ngumpulkeun bahan
- Milih jeung milah bahan
- Ngalenyepan materi (kasaluyuan jeung
kondisi paregep)
- Nyusun matéri biantara
- Latihan biantara
Nepikeun Biantara
- Eusi luyu jeung acara anu lumangsung;
- Ditepikeun kalawan jéntré, matéri
ngaguluyur, kecap jeung kalimah diucapkeun kalawan béntés, lentong jeung
volume sora merenah, basa teu matak nyigeung ka nu ngabandunganana;
- Sikep tenang jeung wajar;
- Kudu merhatikeun waktu nu disadiakeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar