Minggu, 17 Juli 2022

PAGUNEMAN

 

PAGUNEMAN

Paguneman sok disebut ogé ngawangkong, obrolan, atawa ngawadul. Dina hiji obrolan diwangun minimal ku dua jalma, kalawan jejer obrolan rupa-rupa. Aya obrolan  nu sipatna resmi, aya ogé obrolan nu sipatna teu resmi. 

Basa nu digunakeun gumantung jeung saha urang ngobrolna. Lamun jeung papada tur geus wanoh, basa nu digunakeunana biasana basa loma. Sedengkeun ka jalma saluhureun atawa nu dipihormat ngagunakeun basa lemes.

A.    Kaidah-kaidah dina lumangsungna paguneman, diantarana :

1.      Regepkeun lamun batur keur nyarita.

2.      Ulah motong obrolan batur;

3.      Sanghareupan nu ngajak ngobrol kalawan sopan;

4.      Nyarita kalawan daria;

5.      Gunakeun sora nu béntés, yakin, wajar, ulah laun teuing jeung ulah tarik teuing;

6.      Gunakeun basa nu pantes;

7.      Nyarita kudu antaré, ulah gancang teuing, atawa ngayayay;

8.      Naon-naon nu dicaritakeun ku urang ulah kaluar tina jejer obrolan;

9.      Béré kasempetan ka batur pikeun nyarita, atawa ngajawab obrolan urang.

Dina praktékna paguneman, basa nu dipaké aya basa Sunda kasar, basa loma, jeung basa hormat. Basa kasar digunakeun keur ka sato atawa jalma nu keur ambek. Basa loma dilarapkeun ka jalma atawa babaturan nu geus loma (akrab). Basa hormat dilarapkeun ka jalma nu pantes dihormat atawa diajénan. Tujuanana pikeun silih hormat tur silih ajénan ka papada jalma. Ragam basa hormat ngawengku ragam hormat keur ka sorangan jeung ragam hormat keur ka batur.Dina prakna maké basa hormat dibarengan ku lisan (kecap), pasemon, rengkuh jeung peta sarta lentong.

 Paguneman aya sacara lisan jeung tulisan. Paguneman lisan : paguneman dina prakna kahirupan sapopoé dumasar kana kagiatanana; ngobrol jeung papada jalma, paguneman dina telepon, paguneman dina wawancara, paguneman dina sawala (diskusi), jste. Paguneman tulisan, téks paguneman sacara tinulis saperti téks paguneman  dina naskah drama, carita pondok, dongéng, novel, jsté.

Kaidah – kaidah nulis Paguneman

1.      Ngagunakeun pola kalimah langsung;

2.      Ngagunakeun tanda baca kekenteng (” ............”) anu ngapit eusi guneman, utamana dina wacana dongéng, carpon, novel, jsté; sedengkeun dina pola drama mah tara maké tanda kekenteng;

3.      Ngagunakeun tanda baca titik dua (:) anu misahkeun antara jalma nu keur cacarita jeung eusi omongan atawa kalimah anu diucapkeunana;

4.      Gunakeun basa Sunda loma, pikeun paguneman ka sasama, jeung gunakeun basa Sunda lemes pikeun ka saluhureun.

5.      Tulisan saluyu jeung palanggeran éjaan basa Sunda.

Kaidah-kaidah Maca Teks Paguneman

Wacana paguneman alusna mah dibacana téh bari didémontrasikeun, tangtu matak pikaresepeun. Téhnik maca nu dipakéna tangtu baé kudu téhnik maca bedas.

Dina prakna maca bedas, urang kudu merhatikeun :

1)      Kabahasaan

2)      Non Kabahasaan

·      Aspék kabahasaan ngawengku unsur :  ucapan, tekenan, nada/lentong, randegan/jéda, jeung pamahaman kalimah

·      Aspék non kabahasaan ngawengku unsur  :  kalancaran maca, pamahaman basa, kasonagaran, katartiban, jeung sumanget

Struktur dina paguneman  :

o    Bubuka paguneman

o    Eusi paguneman

o    Panutup paguneman

Unsur basa dina paguneman :

1.      Undak-usuk basa Sunda               5. Intonasi

2.      Kalimah                                        6. Ejaan

3.      Ucapan                                          7. Tanda baca

4.      Tekenan kecap

 

B.     Kaidah – kaidah dina ngaregepkeun paguneman

Ngaregeupkeun nya éta hiji prosés kagiatan mireng atawa ngadéngékeun. Ngaregepkeun gedé patalina jeung naon naon anu inget jeung kacangking. Ku kituna, dina ngaregepkeun meredih konsentrasi anu daria sangkan urang bisa nyangkeum tur maham eusi anu di regepkeun.

Aya opat tahapan dina ngaregepkeun, nya éta :

1.    Miréng        2. Maham        3. Ngajén         4. Ngaréaksi

Kaidah – kaidah dina ngaregepkeun paguneman nya éta :

1.      Regepkeun pagunemannana

2.      Catet hal – hal anu penting

3.      Napsirkeun kecap atawa kalimah anu dianggap hésé ( teu apal harti atawa maksudna.

4.      Sing paham kana eusi jeung maksud sacara gembleng

5.      Jawab pananya eusi pedaran

6.      Téangan jejer pedaran anu dipagunemkeun

7.      Jieun kacindekan eusi pedaran paguneman

8.      Caritakeun deui eusi pedaran paguneman


Konsép ngaregepkeun paguneman :

1.      Meunangkeun informasi

2.      Paham atawa weruh kana informasi

3.      Inget kana hal – hal nu didéngé atawa nu di ucapkeun ku jalma lian

Tahapan dina ngaregepkeun paguneman :

1.      Tahap nangkep informasi

2.      Tahap weruh tur paham kana eta informasi

3.      Tahap ngingetkeun kana informasi nu didéngé atawa anu diucapkeun jalma lian

Tujuan ngaregepkeun paguneman :

1.      Meunangkeun informasi

2.      Ngaronjatkeun komunikasi sangkan leuwih éféktif

3.      Ngumpulkeun data pikeun nyieun hiji kaputusan

4.      Méré réspon anu cocog

Nu kudu dicangkin dina ngaregepkeun :

1.      Jejer atawa topik anu di caritakeun

2.      Jawaban pananya : naon, saha, iraha, dimana, naha, kumaha.

3.      Nyaritakeun hal anu diregepkeun, kalawan maké padoman pananya di luhur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar