SISINDIRAN
Sisindiran asalna
tina kecap sindir anu maksudna sisi.
Ngomong ku sindir hartina ngomong anu henteu poksang ceplak pahang,
tujuanana pikeun ngahargaan ka nu dibawa nyarita, supaya omongan urang karasana
henteu nyentug atawa ngagasruk kana haténa.
Sisindiran mangrupa karya sampakan urang Sunda. Sisindiran téh lain ngan di Sunda wungkul,
tapi aya ogé di daérah lianna, saperti di Melayu disebut pantun, di Tapanuli disebut éndé-éndé,
jeung dina sastra Jawa disebut parikan.
Sisindiran nya éta
kasenian ngaréka basa, anu diwangun ku cangkang jeung eusi bari dipamrih
karesmianana.
Nurutkeun wangunna, sisindiran dibagi tilu :
A. Paparikan
B. Rarakitan
C. Wawangsalan
1. Paparikan
Paparikan asal kecap
tina parek hartina deukeut. Anu dimaksud deukeut di dieu nya éta deukeut sadana (sorana). Paparikan méh sarua jeung pantun dina basa Indonesia. Bédana nya éta
dina pantun mah jumlah padalisan (suku kata) diwangun ku 8 – 12 engang,
sedengkeun dina paparikan diwangun ku 8 engang.
Sarat nyieun paparikan di antarana :
1.
Diwangun ku opat padalisan (opat jajar);
2.
Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang,
sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.;
3.
Padalisan kahiji cangkang pikeun padalisan katilu, padalisan
kadua mangrupa cangkang pikeun padalisan kaopat. ;
4.
Tungtung engang
padalisan kahiji sarua (sasora) jeung tungtung padalisan katilu. Kadua sarua
jeung kaopat.;
5.
Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang.
2. Rarakitan
Rarakitan hampir sarua jeung
paparikan. Bédana dina awal padalisan
kahiji diulang (dirajék) dina awal padalisan katilu.
Kitu deui awal padalisan kadua dirajék dina awal padalisan kaopat.
Sarat nyieun rarakitan séjénna sarua jeung sarat nyieun
paparikan.
Sarat nyieun rarakitan
di antarana :
1.
Diwangun ku opat padalisan (opat jajar);
2.
Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang,
sedengkeun padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.;
3.
Padalisan kahiji cangkang pikeun padalisan katilu,
padalisan kadua mangrupa cangkang pikeun padalisan kaopat. ;
4.
Tungtung engang
padalisan kahiji sarua (sasora) jeung tungtung padalisan katilu. Kadua sarua
jeung kaopat.
5.
Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang
3.
Wawangsalan
Wawangsalan asal kecap tina angsal hartina beunang, lantaran dina wawangsalan aya
nu mangrupa tatarucingan aun kudu dibeunangkeun wangsalna. Aya ogé nu
nyebutkeun yén wawangsalan asal kecapna tina wangsal, nu tadina wangsul
hartina balik. Ku kituna wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan.
Wangun wawangsalan béda jeung paparikan atawa
rarakitan. Lantaran wawangsalan ngan saukur diwangun ku dua padalisan, sarta
kudu kapanggih wangsalna. Kitu deui dina wawangsalan henteu aya watek silih
asih, piwuruk atawa sésébréd.
Sarat
nyieun wawangsalan :
1.
diwangun ku dua padalisan;
2.
unggal padalisan diwangun ku dalapan engang;
3.
diwangun ku cangkang jeung eusi;
4.
aya wangsal un kudu diteguh;
5.
padalisan kahiji ngandung pasualanana, sedengkeun dina
padalisan kadua aya kecap nu sasora jeung wangsal nu dimaksud.
Sedengkeun
nurutkeun sifat jeung watekna sisindiran (paparikan-rarakitan) dibagi tilu :
1.
silih-asih 2. piwuruk
(nasihat) 3. sésébréd (heureuy)
Sipat
Paparikan :
1. Silih-asih
Talingtung talina benang
Mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
Moal eureun disuratan
2.
Piwuruk
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana
3.
Sésébréd
Cikur jangkung jahe konéng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
Puguh mah bureuteu hideung
Sipat rarakitan :
1.
Silih-asih
Mihapé
sisir
jeung minyak
Kadé
kaancloman
leungeun
Mihapé
pikir
jeung niat
Kadé
kaangsonan
deungeun
2. Piwuruk
Sing
getol nginum jajamu
Nu
guna
nguatkeun urat
Sing
getol néangan élmu
Nu
guna
dunya ahérat
3. Sésébréd
Majar
manéh cengkéh konéng
Kulit
peuteuy dina nyiru
Majar
manéh lengkéh konéng
Kulit
beuteung mani nambru
Nulis Sisindiran :
a. Cara Nyieun Paparikan
1) Tangtukeun
heula bagian eusi tina paparikan
Contona : ayeuna téh dina pelajaran basa Sunda, matéri anu dipedar nya éta sisindiran.
…………………………………………. (cangkang)
…………………………………………. (cangkang)
Pang-a-jar-an-ba-sa-Sun-da (eusi) ---
8 engang
Keur-
di-a-jar-si-sin-dir-an (eusi)
--- 8 engang
2) Jieun kalimat pikeun cangkang padalisan
kahiji jeung kadua. Saratna kudu 8
engang
………………………………………….. 8 engang
………………………………………….. 8 engang
Pangajaran basa Sunda 8
engang
Keur diajar sisindiran 8
engang
3)
Lantaran tungtung padalisan
kahiji kudu sasora jeung tungtung padalisan katilu, tungtung padalisan kadua
kudu sasora jeung tungtung padalisan kaopat. Ku kituna téangan kecap anu sasora jeung tungtung padalisan katiulu
jeung ka opat.
………………… kuda
………………… pipikiran
Pangajaran basa Sunda
Keur diajar sisindiran
4)
Jieun kalimah anu jumlahna 8 engang anu tungtung kalimahna kecap kuda. Jeung kalimah pikeun padalisan kadua
anu jumlahna 8 engang anu tungtung
kalimahna kecap pipikiran.
Ka
Banjaran tumpak kuda
Jadi
janglar pipikiran
Pangajaran
basa Sunda
Keur
diajar sisindiran
b. Cara Nyieun Rarakitan
1) Tangtukeun
heula bagian eusi tina rarakitan
Contona : urang
diajar di kelas anu kurang alus, tapi ku alpukahna guru jeung sumanget diajarna
gedé, murid-muridna jadi palinter kabéh.
…………………………………………. (cangkang)
…………………………………………. (cangkang)
Sa-na-jan- ke-las-na- bu-tut
(eusi) --- 8 engang
Nu-
pen-ting- pin-ter- sis-wa-na (eusi) ---
8 engang
2) Jieun kalimat
pikeun cangkang padalisan kahiji jeung kadua. Saratna kudu 8
engang
………………………………………….. 8
engang
………………………………………….. 8
engang
Sanajan kelasna butut 8 engang
Nu penting pinter siswana 8 engang
3) Sarat rarakitan
: dina awal padalisan kahiji diulang (dirajék) dina awal padalisan katilu. Kitu deui awal padalisan
kadua dirajék
dina awal padalisan kaopat.
Sanajan……………………………….. 8
engang
Nu penting ……..…………………….. 8
engang
Sanajan kelasna butut 8 engang
Nu penting pinter siswana 8 engang
3) Lantaran tungtung padalisan kahiji kudu sasora jeung tungtung
padalisan katilu, tungtung padalisan kadua kudu sasora jeung tungtung padalisan
kaopat. Ku kituna téangan kecap anu sasora jeung tungtung padalisan katiulu jeung ka opat.
Sanajan…………………………tutut 8
engang
Nu penting ……..…………Riswana 8
engang
Sanajan kelasna butut 8 engang
Nu penting pinter siswana 8
engang
4)
Jieun kalimah anu jumlahna 8
engang anu tungtung kalimahna kecap kuda.
Jeung kalimah pikeun padalisan kadua anu jumlahna 8 engang anu tungtung
kalimahna kecap pipikiran.
Sanajan daharna tutut
Nu
penting bareng Riswana
Sanajan kelasna butut
Nu
penting pinter siswana
c. Cara Nyieun Wawangsalan
1) Tangtukeun wangsalna heula. Contona : kapur.
2)
Jieun kalimah nu nuduhkeun sipat husus tina kapur (fungsina, bentukna,
jsté)
Conto : - kapur fungsina pikeun nulis dina bor
·
bentuk kapur siga patlot, pulpen atawa roko.
3) Susun kalimah pikeun padalisan kahiji lobana
dalapan engang.
Conto : - Patlot bodas panyoret bor (8
engang)
·
Roko bodas papan
tulis (8 engang)
4) Pikeun padalisan kadua : téangan kecap nu
hampir sarua (sasora) jeung kecap kapur
Contona : da-pur;
la-pur
5) Jieun kalimah lobana dalapan engang, nu
ngandung kecap dapur atawa lapur.
Contona : - Tara diseungeut di dapur
- Lapur
leungit jeung wadahna
6) Jadi wawangsalan téh unggelna kieu :
a.
Patlot bodas panyoret bor
tara diseungeut di dapur
(wangsalna
: kapur)
b
Roko bodas papan tulis
Lapur leungit jeung wadahna
(wangsalna : kapur)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar