A. Pedaran warta
Warta mangrupa laporan wangun informasi, fakta atawa
opini, nu dianggap perlu dipikanyaho tur mangpaat keur balaréa.
Ku alpukahna televisi jeung majalah atawa koran, urang
bisa meunangkeun informasi hiji kajadian di daérah séjén, boh di nagara urang
sorangan boh di nagara séjén kalawan gancang.
Warta tina televisi leuwih onjoy tibatan koran atawa
majalah, lantaran salian ti gambarna nu lengkep ngaliwatan kagiatan
ngawawancara, warta televisi mah bisa acara langsung ti tempat kajadianana.
Katambah ku lobana cannel televisi
ngabalukarkeun persaingan antara televisi pikeun buru-buru midangkeun warta ka
masarakat.
Hiji kajadian bisa disebut warta lamun geus
dilaporkeun. Warta mangrupa fakta atawa
informasi tina kajadian nu diwartakeun.
Dina nepikeun eusi warta ngawengku
genep hal nu dipedar, nya éta jawaban tina what
(naon), who (saha), where (di mana), when (iraha), why (naon
sababna/naha), jeung how (kumaha).
Jawaban kagenep pananya di luhur ditempatkeun dina
bagéan bubuka warta, nu mangrupa bagéan nu kudu buru-buru dipikawanoh ku nu
maca atawa nu ngadéngékeun. Ieu bagéan bubuka téh disebut poko warta atawa lead.
Poko warta ieu mangrupa klimaksna ringkesan kajadian
kalawan lengkep, tur jéntré. Jadi, poko warta sipatna singget, tapi ngajawab
pertanyaan 5W + 1 H.
Sajian eusi warta sabada poko warta sok
disebut waruga warta (tubuh berita)
jeung buntut (ekor). Bagéan ieu biasana mangrupa pangjéntré nu ngadukung kana
poko berita dina paragrap kahiji. Biasana mangrupa runtuyan kajadian nu leuwih
rinci, itungan-itungan, pamadegan, atawa pamanggih saksi-saksi kajadian, jsté.
Dina prakna nulis berita, nu mangrupa jawaban
5W + 1 H, henteu kudu ngaruntuy. Tapi bébas asal dina hiji paragraf atawa sababaraha paragraf munggaran ngajawab éta pananya. Bisa di mimitian tina medar saha palakuna,
atawa bisa ogé
medar tina iraha kajadianana éta warta.
Conto analisis warta dumasar ka 5W +
1H :
|
ANTRIAN TREUK DI
PALABUAN MERAK Sapuluh
poé deui ka Lebaran, Saptu (15/6), Palabuan Merak mimiti pinuh ku antrian
treuk muatan barang nonsembako. Pinuhna antrian treuk ieu, sabada dikaluarkeunana aturan teu meunangna
treuk nu ngakut nonsembako dina tanggal 23-28 Juni. Ieu aturan téh husus pikeun treuk nu sumbuna
leuwih ti dua, treuk gandéngan, treuk témpélan, jeung treuk kontainer.
Numpukna treuk dipalabuah Merak ngakibatkeun antrian mobil leuwih ti 100
méter di pintu utama. Antrian treuk utamana aya di dermaga hiji nepi dermaga opat,
tapi masih batas normal lantaran can ngantri nepi ka luar aréal parkir. Sok
sanajan kitu, akibat tina numpukna antrian, sawatara supir treuk nyebutkeun yén manéhna kudu nunggu
giliran dua nepi ka opat poé sangkan bisa asup kapal. |
|
Unsur Warta |
Pedaran |
|
1. Jejer naon nu diwartakeun di luhur ? 2. Saha nu ngalaman éta kajadian ? 3. Di mana kajadian éta téh ? 4. Iraha kajadianana ? 5. Naon sababna maké aya kajadian kitu? 6. Kumaha akibatna ? |
1. Antrian treuk di Palabuan Merak 2. Treuk nu ngakut muatan nonsembako 3. Di Palabuan Merak 4. Sapuluh poe méméh Lebaran, Saptu (15/6) 5. Ayana aturan teu meunangna treuk nu
ngakut nonsembako dina tanggal 23-28 Juni. 6. Numpukna treuk dipalabuah Merak
ngakibatkeun antrian mobil leuwih ti 100 méter di pintu utama |
B. Nulis warta
Teu sakabéh fakta kajadian hiji hal atawa pamadegan
hiji jalma perlu dijieun. Sarat dina nyieun warta di antarana :
1) Bener-bener
kajadian; eusi warta dumasar kana fakta;
2) Aktual; jarak waktu antara hiji kajadian jeung
diwartakeunana ka balaréa ulah lila teuing, lantaran lamun liwat sababaraha poé
gé ajén aktualitasna jadi basi;
3) Lengkep;
4) Saayana,
teu meunang ditambahan atawa dikurangan;
5) Disusun
kalawan sistematis (puguh éntép seureuhna)
Unsur nu kudu diperhatikeun dina ngagunakeun basa
lamun urang nulis warta, diantarana :
a.
Éjaan
Nya éta
aturan ngeunaan ngalarapkeun jeung nuliskeun hurup, aturan nulis kecap, aturan
nulis unsur serapan (kosa kata) jeung aturan tanda baca. Nu kaasup kana
aturan nuliskeun hurup, ngawengku tata nuliskeun hurup kapital, jeung
aturan nuliskeun hurup nu dimiringkeun. Nu
kaasup aturan nulis kecap, nya éta nuliskeun kecap
asal, rarangkén, kantétan, singgetan, jst. Nuliskeun unsur serapan
nya éta tatacara nuliskeun kecap nu asalna tina basa asing kana basa sunda.
Sedengkeun aturan tanda baca ngawengku tanda titik, koma, titik dua,
tanda tanya, jst.
b. Kalimah wawaran
Nya éta kalimah anu dipaké pikeun méré nyaho hiji hal
ka batur. Eusina supaya batur boh nu maca boh nu ngadéngékeun jadi nyaho.
c.
Undak – usuk basa
Dina prak nulis atawa nyarita teu lepas tina undak
usuk basa. Tujuanna pikeun silih hormat jeung silih ajénan. Makéna undak usuk
basa gumantung kana, saha nu nyarita, saha batur nyarita jeung saha nu
dicaritakeunnana. Dina ragam tulis ngawengku , saha nu nulisna, saha nu macana
jeung saha anu di tulskeunnana
d.
Lafal (intonasi)
Dina prakna nulis atawa maca kudu weruh kana lafal,
utamana dina ngabédakeun sora /e/é/eu. Kitu deui dina ngucapkeunnana, intonasi
kalimah kudu saluyu jeung maksud eusi nu
rék diepikeunnana. Panjang pondokna jeung luhur handapna sora dina ngucapkeun
kalimah atawa kecap luyu jeung maksud kalimatna. Dina prakna nyarita mah kudu
dideudeul ku , lisan atawa keap, pasemon, rengkuh jeung peta, lentong.
Téknik medar dina nulis warta kucara ngagunakeun jeung ngajawab
rumus 5 W + 1 H nu rincianana nyaéta :
5 W = 1. What (naon)
2. Who (saha)
3. Where (di
mana)
4. Why (naha)
5. When (iraha)
1 H = How (kumaha)
Dina prakna nyieun warta :
a)
Ngagunakeun basa nu singget, jéntré, tur basajan
b)
Saluyu jeung tuntutan nu maca
c)
Tulisan wartana pondok, singget tapi ngeusi
d)
Eusina penting tur aya gunana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar