Kecap ‘gurit’’ asalna tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun karangan. Istilah ngagurit hartina némbongkeun pagawean ngaréka atawa nyusun karangan.
Guguritan nya
éta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok nu ditulis dina wangun pupuh.
Guguritan ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat.
Aya karya sastra
nu méh sarua jeung guguritan, nya éta wawacan. Bédana kaarya sastra wangun
wawacan mah carita ngalalakon jeung wangun carita panjang.
Guguritan
kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan
ugeran lantaran kaiket ku patokan anu tangtu, nya éta patokan pupuh. Ieu pupuh
téh nu ngahasilkeun karangan dina wangun wawacan jeung guguritan.
Ku lantaran
guguritan kaasup karangan nu ukuranana teu panjang, kukituna, guguritan mah
ngan diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan,
sarta eusina dina guguritan henteu ngawujud carita nu ngalalakon.
Dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh
éta.
Guguritan kaasup
kana puisi heubeul. Ti abad ka-19
geus loba anu
nganggit
guguritan.
- Taun
1822-1866 R. Haji Muhammad Musa nganggit Wulang Krama;
- Taun
1865. R.A. Bratadiwijaya nganggit Asmarandana Lahir Batin;
- Taun
1892 Haji Hasan Mustapa nganggit rebu pada
guguritan, upamana waé
Kinanti Ngahurun Balung, Asmarandana Babalik Pikir, Sinom Pamulang Tarima, Dangdanggula Pamolah Rasa, jeung sajabana.
Dina abad ka-20
utamana mah saméméh perang dunia II, loba pisan guguritan nu dihasilkeun. Para
pangarang nu kakoncara diantarana Kalipah Apo, Tubagus Jayadilaga, Méméd
Sastrahadiprawira, MA. Salmun, jeung réa-réa deui.
Sanggeus
proklamasi guguritan terus dianggit ku pangarang tug nepika kiwari. Para
pangarang guguritan diantarana : RAF, Wahyu Wibisana, Apung S.W., Dedy Windiagiri,
jeung réa-réa deui. Média nu digunakeun média cetak wangun buku kumpulan
guguritan, majalah Manglé, jrrd.
Nu dimaksud
pupuh nya éta 17 patokan dina tembang. Patokan-patokan kasebut nya éta guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan
dina sa-pada-na, jeung sipat atawa watek lagu.
Jumlah pupuh
tujuh belas, dibagi jadi dua golongan, sekar ageung jeung sekar alit.
Nu kaasup kana sekar ageng nya éta : kinanti, sinom, asmarandana, jeung
dangdanggula (KSAD). Sekar alit jumlah 13, nya éta : balakbak,
maskumambang, ladrang, pucung, lambang, mijil, durma, pangkur, gambuh, gurisa,
wirangrong, magatru, jeung jurudemung.
Papasingan Guguritan :
- Piwulang. Contona Wulang Krama,
Wulang Murid, Wulang Guru karangan R. Haji Muhamad Musa. Asmarandana Lahir
Batin karangan R.A. Bratawijaya;
- Pangalaman kabatinan. Contona guguritan karangan Haji Hasan
Mustapa;
- Kawaasan alam. Contona Dangdanggula Laut Kidul karangan Kalipan Apo;
- Kajadian. Contona Kiamat Leutik karangan Tubagus Jayadila
- Surat, biantara, jeung buka pintu. Guguritan anu eusina surat jeung biantara, upamana anu dikumpulkeun ku R. Danureja dina buku Serat-sinerat Jaman Jumenengna Raden Haji Muhammad Musa. Guguritan buka pintu sok dihaleuangkeun dina upacara buka pintu di nu kawinan.
Nganalisis Guguritan :
1). Patokan pupuh
- Patokan-patokan kasebut nya éta guru lagu, guru wilangan, jumlah
padalisan dina sa-pada-na, jeung sipat atawa watek lagu.
Ungal pupuh bisa diwangun ku sababarha pada atawa
bait. Pada atawa bait diwangun ku sababaraha engang. Lobana engang
unggal pada lisan disebut guru wilangan. Sora engang dina tungtung
padalisan disebut guru lagu.
2). Tema
- Téma nya éta ideu atawa gagasan anu ngadadasaran hiji karya sastra nepi ka mibanda
peran jadi puseur pangarang dina nepikeun karya nu disusunna.
- Téma nya éta ide nu keur dicaritakeun. gagasan utama (ide carita)
tina hiji kawih. Téma aya anu nyumput (tersirat) aya ogé anu ébréh
(tersurat).
3). Rasa
- Rasa (feeling)
mangrupa téh poet’s attitude toward his subject matter, anu hartina
sikep panyajak kana jejer pasualan anu aya dina guguritanana. Rasa
dina rumpaka guguritan bisa disebutkeun sikep nu nyieun rumpaka
guguritan dina
ngébréhkeun/nyaritakeun kaayaan
objék nu dipedar. contona
simpati, konsisten, bungah, sedih, keuheul, jsté.
4). Nada
- Nada (tone)
mangrupa sikep panyajak ka pamaca atawa ka dirina sorangan. Nada nyoko
kana warna émosional atawa warna ma’na tina karya nu nulis tur mangrupa
unsur penting tina gunggungan ma’na. Sikep nu nyieun rumpaka
guguritan, contona handap asor, ngaguruan, ngadikté, pérsuasif,
sinis, nyungkun, jsté.
5). Amanat
- Amanat dina guguritan, nya éta pesen nu hayang ditepikeun ku
pangarang ka nu maca. Pangarang boga tujuan atawa maksud tina rumpaka
guguritan nu dijieunna, boh tujuan pikeun nyumponan kabutuh pribadi atawa
nu séjénna, gumantung kana sawangan hirup pangarang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar