MÉNTA IDIN TEU SAKOLA
(Waktu istiharat, Ningsih nyampeurkeun ka Pa Budi, wali kelasna.
Kasampak Pa Budi keur nangtung hareupeun majalah dingding hareupeun kantor.)
Ningsih :
”Bapa, punten. Ningsih téh badé nyuhunkeun widi, réhing dina dinten énjing moal tiasa lebet ka sakola.”
Pa Budi :
”Euleuh, na ku naon kitu Ning ? aya naon ?”
Ningsih :
”Nu mawi énjing téh badé ngiring ka Bandung sareng pun biang. Réhing pun nini teu damang wales. Pun biang sareng pun bapa ngajak
ngalayad.”
Pa Budi :
”Oh,kitu. Nya heug baé ari kitu
mah. Isuk ku bapa dibéjakeun ka
sekretaris kelas sangkan dituliskeun dina agénda harian. Yén
Ningsih idin. Jig, ku bapa didu’akeun sing buru-buru séhat. Salamna ti bapa, kituh !”
Ningsih :
”Hatur nuhun bapa. Insya Alloh amanat bapa didugikeun ka pun bapa.”
Pa Budi :
”Kana naon ka Bandungna, Ning ? rombongan atawa kana beus ?”
Ningsih :
”Saur pun bapa mah badé kana karéta api. Badé nyobian saurna mah, da karcisna mah parantos aya. Sareng étang-étang nohonan jangji wiréh
kapungkur pun bapa nyarios urang ka Bandung urang nyobian kana karéta api, waktos pun adi kirang séhat. Ayeuna badé nedunanana panginten.”
Pa Budi :
”Oh, kitu. Sok atuh. Itung-itung bari piknik jeung nedunan nadar. Jam sabaraha
inditna ?”
Ningsih :
”Tabuh genep tos kedah aya di Setatsion Tasik. Saurna mah tabuh genep saparapat
karétana. Karéta Agro Bromo. Upami rorompok ka setatsion mah kana angkot 05.”
Pa Budi :
”Oh, nya. Sok atuh mugia sing salamet, sing lancar di jalanna. Atuh nu teu
damangna mugia sing énggal
damang deui.”
Ningsih :
”Amin. Hatur nuhun bapa.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar